Senin, 15 Juni 2015

Tembang Nining Meida - Anjeun




Lyrik Tembang Nining Meida - Anjeun
Cipt. Nano S
 
Teu aya deui, nu mikancinta iwal anjeun
Teu aya deui, nu mikamelang iwal anjeun
Pangnyaahna sadunya, pangbageurna sadunya iwal anjeun
Anu heman tur daria, anu jangji satia ngan ukur anjeun
 
Duh aduh aduh aduh
Hate bagja bisa papanggih jeung anjeun
Duh aduh aduh aduh
Hate reugreug aya sagigireun anjeun
 
Ngan saeutik hanjakalna
Lamun tepang osok ngajak rurusuhan
Dasar kudu kanyahoan
Horeng anjeun geus rimbitan
 
Teu aya deui nu jadi pikir iwal anjeun
Teu aya deui nu kagundamkeun iwal anjeun
Inggis beunang ku batur
Inggis bogoh ka batur, iwal anjeun

 
Unggal peuting babacaan
Mapatkeun pelet asihan husus keur anjeun
Duh aduh aduh aduh
Kurang dahar, kurang sare mikir anjeun
Duh aduh aduh aduh
Hayang deukeut, hayang geugeut...Ngan jeung anjeun
 
Dasar kudu kanyahoan
Ngirim surat salah ngasupkeun eusina
Gurat sial jeung cilaka
Putus ka ditu ka dieu.


Download Atanapi Dangukeun Tembangna
Nining Meida - Anjeun




0 komentar: